Jumat, 13 Juni 2014

Implengan



Duh Gusti, bade dugi ka iraha,
Bade sabaraha lami deui simkuring ngulikbek dina implengan jeung impenan?
Naha kuring teu bosen terus kukurilingan di alam anu jauh tikanyataan?
Nyipta-nyipta kaendahan, tur padahal mah kaendahan eta teh taya jirimna.
Da kuring ge hayang atuh ngarasaan kabagjaan anu sabenerna, kabagjaan jeung kaendahan anu bisa jadi panineungan, lain saukur implengan.
Ah~ tapi gening simkuring teh teu bisa nanaon, saukur bisa usaha jeung ngadu'a sangkan naon nu diimplengan sareng diimpenan teh tiasa janten kanyataan,
Muhun~ Ku kersaning Gusti.

0 komentar:

Posting Komentar